Kamis, 11 November 2010

HAQMALIYAH (III): Tajali mencet maneh meunang niron ????...

Mencet maneh make sorog mateni patang parkara angilo paesan tunggal nu daim tajali nyumponan lafadz Muhammad V Saperti nu ditepikeun di dua bagian saencana, haqmaliyah utamana lain ngeunaan hiji brotherhood tapi ngeunaan kamampuh tina ngawasa/katapis ngeunaan ‘distinctive meditation technique’ - Tajali mencet maneh make sorog mateni patang parkara angilo paesan tunggal nu daim nyumponan lafad muhammad- katut penjelasana, diantarana aya dina LMM keur ‘novice’ jeung ‘intermediate’ jeung implikasi/cara makena nu leuwih ‘advance’ aya dina sasaka ka islaman bab Qurbah HHM. Nu ngawasa/tapis ieu teknik aya dimana wae/saha wae. Sok kasampak di ajengan, di bujangga, di jawara, di pananyaan, di professor, di jalma biasa, malah di nu nu teu siga siga acan. Ieu teknik lain monopoli hiji klan/brotehrhood –tingal bag 1 &2- komo pan ajaran Islam ge nu jadi klaim asal usul ieu ‘distinctve meditation technique’ keur saha jeung di saha wae asal beukieun. Puseurna ge tiap ‘increment’ jaman sok pindah pindah kumaha eunteupna eta dangiang. Sedengkeun ngeunaan ‘handbook’na/LMM, dina panganteur LMM jilid 5, RAM nyebatkeun ‘yen LMM henteu diancokeun kanggo brotherhood haqmaliyah tapi kanggo saha wae’ (eusina ge lain hal nu teu aya dina dunya tasauf islam). Ngan kulantaran LMM nyaritakeun ngeunaan papanggihan ku make eta teknik, hese -mun teu kasebut moal pisan- kadongkangna/ manggih bukti enya henteuna eta kabeh nu dicaritakeun dina layang. Upama hayang kahontal mah kudu tapis kana teknikna –lamun henteu ukur tepi kana kira kira jeung meureun (intellectual guest). Ari kira kira jeung meureun jauh kana/lain enya. --- Kitu oge ngeunaan seratan seratan HHM (dianggap bujangga sunda pangbadagna) nu nunjukeun tasauf sunda nu dianggap beunghar luhung aheng tapi cenah ge hese kahartina atawa tepina saukur ceuk nu maca teh 'kitu (meureun) maksud tulisana' (intellectual guest) sabab teu apal/tapis kana teknik2/ tools2 nu didugikeun ku HHM naha dugikeun ka bijil/metu eta budalan rasana. Ahirna sok sering kapanggih maksad seratan HHM ngaler dihartikeun asa enya ngidul tungtungna teu ka kaler teu ka kidul. Ngeunaan LMM disebut atawa malah jadi nga klaim ‘pegangan’ hakmaliyah nu magrupa ikhwan/grup tarekat/brotherhood teh saenggeusna/kadieunakeun dina citakan (nu ngaluarkeuna putrana RAM). Ieu hal teh mangrupa gejala umum –bisa alus/positif kadang goreng/negative pangaruhna- mun geus mimiti ngagedean ‘grup’na di hiji tempat tuluy dina ngagerohna ngamadhab paradigma ‘burreaucracy’. Satuluyna kusabab, misalna wae, kajadian katurunkeun/nyampur teknik nu lain nu teu nyumponan lafad Muhammad dina sorogna (Raden Asep Martawijaya-RAM) jeung ngalampahkeun ‘pantangan’ nambahan lafad Muhammad dina implikasina (Haji Hasan Mustapa-HHM), loba nu ngakukeun haqmaliyah nu beda beda kanyaho/pangartina ngeunaan teknik jeung asal usul ajaran katut muhith/itikadna. Ku pengamat luar –nu teu nepi kana participant observer komo tapis /ngawasa eta teknik - kayaning Bruinessen mah kacatetkeuna kieu: There appear to be significant differences between the various branches of this tarekat (nu sok ngaraku brotherhood haqmaliyah), as regards both practices and the interpretation of visions; they are, moreover, highly reluctant to divulge any information about their teachings and practices to the uninitiated for fear of giving rise to misunderstanding and provoking accusations of heresy. VI Naon bedana laya yoga sadhana, ‘teknik’ tarekat siti jenar, nutup lawang sanga/nine gate yoni mudra jeung ‘distinctive meditation technique-Mencet maneh make sorog mateni patang parkara angilo paesan tunggal nu daim tajali nyumponan lafadz Muhammad’? Teu saperti para awam nu ‘cupet pikir/poek hate’ nu langsung nyimpulkeun kapangaruhan/dipangaruhan/syncretic. Para scholars nu ngayakeun panalungtikan ngeunaan haqmaliyah-qubrawiyyah- satariyyah jeung tantric hindu katut kebatinan jawa/kejawen, sabab kabeh ge ngan non participant observer, ngan saukur nepi ka ngaduga/ngira-ngira (intellectual guests) ngeunaan hubunganana, Bruinessen nyebatkeun: So the question is whether the vision of coloured lights here represents a Tantric 'survival' from Java's pre-Islamic past, or whether it is due to Kubrawiyya influence. The written literature of this sect (haqmaliyyah) does not offer any clear clues as to the origins of this meditation technique. Kusabab teknik teknik nu disebut diluhur mah loba kapanggih dicaritakeun boh bukuna boh nu di upload. Keur ngabandingkeun/ngabedakeuna, dina ieu tulisan mah urang dongengkeun heula caritaan kampung kana naon nu disebut ‘distinctive meditation technique-Mencet maneh make sorog mateni patang parkara angilo paesan tunggal nu daim tajali nyumponan lafadz Muhammad’ nu utamana aya dina Layang Muslimin Muslimat (LMM) jeung dina Sasaka Kaislaman bab qurbah seratan HHM. Kieu geura: RAM dina LMM nyebatkeun, yen eta teknik nu disebut ilmuna agama rasulullah teh, “Henteu digelarkeun ka sadayana, malah sok dipidamelna oge di Guha, nyaeta nu disebatkeun Jabbal Iqra, mung ditibankeun ka para Sahabat bae babakuna ka Sahabat Ali, supaya bisa turun tumurun ka putrana terus ka zaman akhir….. Kumaha ‘sabenerna’ kajadian di guha hira teh nepi ka nyambung jeung eta ‘distinctive meditaion technique’; Geus jadi kanyaho jalma rea yen Sayidina Ahmad teh sering khalwat/saum/tapa di guha hira nu jauhna +/- 7 km ti mekah, tara aya nu nyarengan, bari jalana rumpil tur guhana sempit estuning ‘sacukupna awak’. Dina hiji waktos diawal kanabian nampi wahyu 5 ayat mimiti ngeunaan iqra. kajadiana dicaritakeun dina hadis yen harita teh: Malaikat Gabri El nangkeup/ngarungkup/aya nu nyebut ‘meluk dengan erat’ Sayidina Ahmad dugi ka ‘teu bisa’ ngambekan bari keukeuh miwarang maca nu euweuh/teu disebutkeun barang/obyekna (teu kacaritakeun malaikat ngengelek/nyanyandak kertas nu eusi bacaan jrrd obyek). Umumna mah parentah iqra teh diartikeun parentah ka sakabeh jalma supaya daek maca. Sab teu disebutkeun obyekna, nya titahan iqra teh jadi dihartikeun/ditafsirkeun ku loba loba, maca naon wae sagala rupa hal nu aya didunya - kudu di baca (tingal penjelasan M Quraysh shihab- tafsir al qur'an al karim). Tangtu harti /faham nu umum ieu bener pisan enyana lamun tumerap ka jalma rea yen kudu daek maca maca naon wae da teu disebutkeun obyekna/kudu maca naon. Ngan, lamun keur ka sayidina Ahmad harita tangtu jadi teu bener. Naha? Sabab salian resep khalwat di guha hira teh Sayidina Ahmad damelna dagang/balantik/icalan kaditu kadieu lunta ti lembur ka jabaning nagari janten tangtos dihaja/henteu jeung sadar/henteu maca rupi rupi hal nu sanes obyek obyek bacaan lain - najan lain bentuk tulisan oge (lamun keukeuh kana kesepakatan ‘mainstream’ jalma rea yen anjeuna ummi teh buta hurup teu tiasa maca tulis teu pernah maca kitab tulisan saencana). Kapan nyamuni ge keur ‘merenung’ ngarupakeun maca sacara umum ‘maca kaayaan umat’. Kuduna ge ngeunaan iqra ka Sayidina Ahmad harita mangrupa ‘konfirmasi’ lain titahan anyar - kawas konfirmasi/pangakuan qur’an ngeunaan luhungna Ahlak anjeuna nu dijadikeun uswatun hasanah Jadi kajadian nu kaalaman ku Sayidina Ahmad dina guha hira bisa dijelaskeun mangrupa kieu: Kajadian ‘ditangkeup/dirungkup’ na Sayidina Ahmad teh ku rasul/utusan (Gabri) El Allah (arabna gabriEL= rasulullah) nu mangrupa cahya (malak) –rasulullah teh mangrupa cahya- ; Sedengkeun ayat na masih lain mangrupa obyek inderawi-masih aheng harita waktu ngawitan dipiwarang dibaca. Matak anjeuna teu terangeun ngawitan mah kedah kumaha ngaosna eta nu dipiwarang dibaca. --- Nya nu ieu jadi caritaan dina padalangan angilo paesan tunggal (angilo= maca; paesan=cirri; tunggal=ahad=hiji) maca ciri nu jadi kahijian hiji awor tara kasebutkeun mana subyek mana obyek. Tuluy we diramekun ku ayana elmu sastra (tulisan/bacaan) jendra (nu gaib teu kaciri ku inderawi) hayu (nu ngarahayukeun- salamet- islam) ning (di) rat (saniskara)–pangruwating diyu (keur ngaruwat buta supaya jad imanusa) jrrd jrrd --- Qur’an nyebutkeun yen ‘samemehna anjeun teu nyaho naon ari kitab teh..nya kami jadikeun kitab teh mangrupa nur (cahaya) . Kitu ge katerangan dina ayat nu laina: ‘.… Kitab [jeung iman] teh Nur (cahaya) ti Allah, nu ku cahya eta Allah mere pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung saenyana ku Nur (cahya) eta maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura, 42:52). Jadi soteh kana kertas sanggeus kabaca tuluy dibetuskeun ku anjeuna diingetkeun dituliskeun dikumpulkeun jadi mangrupa kitab kertas dina mushaff- ayeuna jadi kitab digital. Tidieu tangtu ‘bisa kaharti’ naon sababna Nabi naros naon nu kudu dibaca dina kaaayan keur dirungkup/ditangkeup cahaya utusan Allah, bari kudu maca ayat ayat nu masih can mangrupa huruf/bunyi– nu teras janten kabingung ka anjeuna/tras mulih pakeun nepungan waraqah bin naufal. Ku kajadian eta teh engkena dijelaskeun deui –restated- keur umatna taunan saenggeusna dina surat satuluyna yen saenyana kitab teh mangrupa cahya (nur) jeung ayat ayat na teh aya /kabuki ku/di hate hatena mu’minin (nu caang - sab iman ge nurutkeun Allah dina qur’an mah deui deui mangrupa cahya nu ngan dibikeun ka jalma jalma nu dikersakeunana. Jelema mah ngan wenang nepi kana muslim aslamtu. Geus kaleler henteuna mah iman wallahu alam hartina teu nyaho teuing pastina ngan manehna jeung gustina nu nyaho). Matak Sayidina Ahmad harita dipasihan 'tips&trik' yen macana teh kedah ku/kalayan asma nu ngamurbana nyalira –rabbika-lain nu aya di batur mikir ngeunan diluar tangtungna. Tapi ieu rabb teh oge nyiptakeun nulain –insan- kawas inyana. Jadi engke aya ‘mirroring’ nu sarua aya di/kajadian ka tiap jelema. Nya tuluy eta carita teh ditektek 'prosesna' di LMM. Jadi lain ku pikir akal hate instink rasa nu macana. Lain make euceuk dalil euceuk kitab make guru make mursid tapi make asma pangerana sorangan. Ari asma nyatana ngaran attribute nu genuine nu ku jelema teh kahontalna make hate nu teu kalimpudan indrawi nu engke ngumpul dina rasa akal -tingali harti Tajalli ‘tajalli 'is the light whereby the mystic's heart has a vision of God' (Nicholson 1921:135)-..jst jst jst Kusabab eta tangtu moal jadi kahemeng, jadi hal nu dinaha naha atawa nyebutkeun ukur legend/mitos lamun gunung cadas pasir keusik dimana ieu guha hira ayana jadi disebutna JABAL NUR. Tapi, sok loba jalma nu mumul tadarusan embung maca mushaff sok nyararita kabatur ‘tong sok ngaji kitab nu bisa soeh euy ..mening maca kitab nu langgeng’. Enya enyana mah ngan lamun teu maca heula qur’an -nu geus dina kertas- rek kumaha nyaho eusina/nu dituduhkeunana tina surat/ayat ayatna ngeunaan kitab nu langgeng nu mangrupa cahya nu ayat ayatna ngan aya dina hate mu’minin (nu tos kaleler nur) ??? Nya nu karitu nu bisana sok kabobodo ku pangolo kawawuhan katipu ku nu ngaku ngaku guru nu gaib gaib sab teu boga babandingan/referensi -teu meunang barokah kaalusan- tina qur’an. ---- Dongeng urang ngoraan deui heula, Kajadian ditangkeup/dirungkup ieu nu ngajadikeun dina teknik tajali mencet maneh teh nu jadi tuturus pangawalna nya Gabri-EL. Nu aya hubungana jeung maca/angilo kitab nu engke katurunkeun mangrupa ayat-ayat qur’an teh lamun dina kajadiana "rohul qudus geus nyukma' Gabri-EL rasulullah numangrupa cahya ge disebut ruh al qudus. nu kajadian empirikna ngaliwatan teknik mencet maneh eta teh bisa dicaritakeu/diajarkeun mangrupa hal nu empiric jeung proven -karek ruh al qudus nyukma lamun aya cahaya ngagulimeng... bodas lain hideung lain jst (tingal sasaka kaislaman bab Qurbah HHM). Ayeuna urang caritakeun ngeunaan iman, kumaha ngaitikadkeun/ngamuhithna pakeun nu migawena, beberesih tina pangaruh inderawi metakeun kamuhammadan supaya kahontal lafad Muhammad jrrd. nu engke dina prosesna nunjukeun yen ieu teknik -‘distinctive meditation technique’ - Tajali mencet maneh make sorog mateni patang parkara angilo paesan tunggal nu daim nyumponan lafad muhammad- bener bener genuinely beda –sama sakali teu sarua- jeung teknik2 nu dipajuriwetkeun diluhur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar